![]() |
HD-HT |
Ka mana kudu unggah
Lumampah teu anggeus-anggeus
Ngitung umur niténan rénghap
Mipir-mipir gawir
Lungkawing. Dikeput halimun kandel
Disawér jamparing
Lamun kasabaran ditinun jadi lawon bodas
Meureun tunggara téh kasimbutan
Tatu ogé kabulen. Tapi ungkara ukur ditulis
Simpé jeung simpé deui nu kabaca
Tikoro saat jeung sora béakeun kecap:
Ngaji diri teu hatam-hatam