Ya Alloh…

Sujud abdi mung ka Alloh..

nyuhunkeun panangtayungan tina kaawonan dunya lan ahérat

sareng mundut ditebihkeun tina azab naraka

nyuhunkeun di caketkeun sagala kasaéan dunya lan ahérat

Ya Alloh…

Pasihan abdi kakiatan sareng kasabaran

dina enggoning mayunan kasempatan hirup..

Anu tos dipaparin sareng di percantekeun ka abdi, ya Alloh..

Salami abdi tiasa ngarénghap sareng ngucapkeun asma Alloh:

Abdi teu daya teu upaya ngalawan kana sagala ujian ti Alloh

Abdi teu daya teu upaya Upami Alloh teu masihan kakiatan

Sareng ngahapunten dosa abdi….

Ya Alloh…

Nyuhunkeun di hapunten sagala dosa

Abdi teu aya daya upami dilebetkeun kana azab Alloh

Ya Alloh abdi nyuhunkeun dihapunten sagala dosa abdi

Nyuhunkeun dihapunten dosa ibu-rama abdi

Nyuhunkeun dihapunten dosa jalmi jalmi anu ku abdi di pikanyaah

Nyuhunkeun dihapunten wargi wargi,

abdi… réréncangan abdi, oge sadaya umat anu kumelendang

Abdi teu sanggem sareng sieun upami dillebetkeun ka naraka.

Mudah mudahan Alloh tiasa mukakeun pantu sawarga

Ya Alloh..

Pasihan kagampilan kanggo ngarénghap

Limpahkeun rijki anu halal

Pasihan kakiatan sareng kasabaran..

Supados abdi tiasa neraskeun sésa umur abdi

Kana jalan anu di pikaridho ku Alloh..

Ya Alloh… saleresna taya deui tempat kanggo abdi nyuhunkeun

Sareng sumujud…iwal ti ka ALLOH Nu Maha Agung..

Anu nyiptakeun bumi sareng langit tur eusina

Saleresna hirup sareng maot abdi mung kagungan Alloh.

Abdi pasrah sadaya-daya Ya Alloh…

Leave a Reply